Assalamualaikum
wr wb
Langkung tipayun urang panjatkeun puji sinareng syukur
kailahiirabbi nu mana kalayan hidayah sareng inayahna, urang sadaya tiasa
kempel dina ieu tempat kalwan dina kayaan sehat walafiat.
Para panyajii anu ku simkuring dipikahormat.
Dina ieu waktos, abdi bade nerangkeun sakumaha
pentingna hirup sehat kanggo urang sadayana. Janten, urang sadaya kedah atawa
wajib ngajaga lingkungan sareng awak nyalira pikeun urang sadaya tiasa ngajaga
tina sagala panyakit. Ku margi kitu, urang kedah ningkatkeun pola hirup sehat
kanggo kapayunna di kawitan ti ayuena.
Dina salah sahiji hadits diterangkeun...
Inna dhofatu minal iman
Nu hartosna : “Kabersihan teh sabagian tina Iman”
Tina hadits eta, urang tangtu tos ngartos maksad sareng tujuannana, nyaeta
urang teh umat muslim anu ngagaduhan iman dina jero hate urang. Upami urang
sadaya iman ka Allah, berarti urang kudu bersih atanapi suci tina sagala
kokotor boh hadas alit atawa hadas ageung, nu nyebabkeun urang teu suci. Bersih
eta sadaya teh nu didasarkeun tina bersihna jeung sucina urang sareng
lingkungan di sakitar urang. Kabersihan sakola oge kudu urang jaga. Urang kudu
mikacinta kabersihan sangkan hate urang ge milu bersih.
Kabersihan teh aya marupi-rupi macemna, nyaeta aya bersih hate, bersih jiwa,
bersih raga, sareng bersih rohani. Tah, urang kudu janten jalmi anu kaasup kana
jalma anu bersih sadayana. Allohumma, amien... Hayu urang sami-sami ningkatkeun
pola hirup sehat kanggo kasaean urang sadaya sangkan tiasa leuwih getol kana
ibadah ka Gusti nu Maha Welas tur Maha Asih.
Para wargi anu mulya.
Cekap sakitu abdi nyanggakeun pihatur, pamungkas
pisanggem, bilih aya basa anu kirang entep saeureuhna atanapi kecap anu kirang
merenah larapna, mugi kersa ngahapunten.
Wassalammu’alaikum Wr. Wb.