Rabu, 12 Maret 2014

Pidato Sunda Ortu

Assalamualaikum wr.wb
Puji sareng sykur urang sanggakeun ka Allah anu maha agung dina dinten ieu urang tiasa ngariung patepung lawung, salawat sareng salam urang curahkeun ka Nabi Muhammad SAW sareng ka kaluwargina anu gaduh kamuliyaan, teu hilap ka sadaya umatna Amin
. Sa teu acana sim kuring ngahaturkeun nuhun ka bapa miwah ibu penguji, anu parantos masihan waktos ka sim kuring kangge medarkeun hiji biantara anu judulna "Hormat Kanu Janten Ibu Rama."
Hadirin anu dipikahormat !
Urang salaku umat muslim, diwajibkeun hormat kanu janten ibu sareng rama. Margi aya paribasa ibu nu ngandung bapa nu ngayuga, nu hartosna salami salapan sasih ibu ngandung urang dugi ka gubrag ka alam dunya, kumargi kitu urang wajib pisan ngahormat kanu jadi ibu. Tuhu kana piwaranganana, mikanyaah, sareng mikacinta ka anjeuna. Kitu deui kanu janten bapa urang kedah ngahormat, tur mikanyaah, margi bapa teh anu ngayuga jeung ngajaga.
Ibu rama urang sama sakali teu ngarepkeun balas jasa pedah tos ngurus, nyakolakeun, sareng sagala ka peryogian urang. Ku margi kitu urang wajib marhatoskeun kanu jadi indung jeung bapa ku babantu di bumi, saperti sasapu, ngepel, keur ngaringankeun padamelan jadi ibu. Tiap tos netepan teu hilap ngadoakeun kanu jadi sepuh sing sarehat, dibabarikeun milik sareng rejekina. Pamugi Gusti Allah tiasa ngabales kana sagala kasaean ibu rama abdi.
Mung sakitu nu kapihatur hapunteun bilih aya kecap anu teu merenah komo deui basa nu teu kahartos sim kuring nyungkeun dihapunteun.
Wassalammualaikum wr.wb

1 komentar: